Sarung dibeungkeutkeun dina cangkéng, ngahening nénjo nu nguntab-nguntab kana kongkolak mata. Ngahéab-héab ramo kana seuneu…… kompor gas. Siduru. Sa-emug kopi bodas maturan pangimplengan lawas, tina golakna cai dispénser anu nagog gigireun kuring. Hawar-hawar beuki atra singkecewisna, réangna channel TV nu dioper-oper ku Si Wandi di tengah imah. Dongéng-dongéng populér kawin-ceré geus jadi kacapangan. Si Wandi ngoperkeun deui channelna, singgedeburna ombak sagara atra ngaliwatan akuarium, méja makan, tuluy asup kana ceuli kuring. Hening. Rét deui kana cahaya longkéwang nu ngabebela hareupeun waruga kuring. Surupuutt…. Ngamalir panineungan nu kungsi kasorang.
(29-5-2012)

Pengkaji naskah dan bahasa Sunda kuno. Saat ini fokus menggali sumber-sumber primer sejarah lokal Cianjur. Sejak 2023 menjadi Tim Ahli Cagar Budaya Kabupaten Cianjur. Menggunakan Linux secara penuh lebih dari 15 tahun, untuk penggarapan karya-karyanya.





Total views : 48380
Who's Online : 0