Geus biasa Si Ema mah ari isuk-isuk mun rék mangkat ka sérang téh. Lain disebut urang pakidulan lamun nyarita teu kadéngé dua imaheun mah. “Ujang! Geura hudang manéh téh geus beurang, étah sakalian bawa pacul, keur menerkeun kamalir!”, cenah bari stéréo. “éta tuluy bawa karung anu di pipir, keur wadah cau nangka ti kebon!” tuluyna. Si Ujang ngajawab; “Enya, ieu gé keur tatahar Ma”, bedas jawabna téh, tapi bari beuki morongkod kana sarungna. “geuwat!”, cék si Ema keuheul. “Muhun emaku sayang, pan uing téh keur ngumpulkeun heula pangacian, bisi tinggaleun sabot ka sérang”, jawab si Ujang.
Pemerhati sejarah dan budaya Cianjur, pembaca naskah Sunda kuno, pengulik musik tradisi. Pengguna setia Linux.