“Keur naon Mang mani kerung kawas nu loba hutang wéh, éta laptot teu kudu dimanyunan kitu atuh!” Cék Si Abro.
“Ckckck, heuhh.. ieu mah ngaganggu waé!, cicing keur ngimpleng kecap, ngagumulungkeun rasa, nyawang pangalaman jeung ngolah basa.”, kelepus Mang Duléh kana Dji Sam Soe hanca sapotong deui.
“Hahhhhh, rieut ngobrol jeung Si Amang mah, cik keur naon sabenerna sih, mani jeung manteng kana Pésbuk kitu.”, tuluy nyampeurkeun, nelek-nelek téténjoan kana LCD nu nyorot beungeut Mang Duléh. Kalangkang kaca Pésbuk semu beureum lebah luhurna, ngelemeng dina kaca panon nu nyangsang dina irung.
“Enya, ieu… keur mikmin Jang. Ngarang carita mini.” Miheulaan.
(29-5-2012)
Pemerhati sejarah dan budaya Cianjur, pembaca naskah Sunda kuno, pengulik musik tradisi. Pengguna setia Linux.