Fikmin – Geus Sataun

“Mah, tétéh téh ayeuna tos nincak 12 taun. Kamari pan direuah-reuah ku réréncangan di sakola. Mani rese…p téh, teu kantos sapertos kitu ari sateuacanna mah”, cék Intan. “Baruk, alhamdulillah atuh geulis, geuning putra mamah téh dipikanyaah pisan ku réréncanganna.”, jawab indungna. “Muhun Mah, alhamdulillah, mung tétéh mah sok sakapeung ngahuleng…”, Intan nuluykeun. “Na kumaha kitu bageur?….”. “Muhun Mah, teu sapertos taun kamari… béntén pisan basa Bapa aya kénéh mah.”, tuluy Intan. Indungna kalahka reumbay cimata, teu lemék

(27-5-2012)

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *