Tangkuban Parahu II* (DK) Teu rumasa tapi atra karasa sono ka anjeun duh jungjunan Cigugur, Mei 2010 *=di kuningan aya pasir nu méh sarupa jeung gunung Tangkuban Parahu di Subang, nya dingaranana ogé Bukit (pasir) Tangkuban Parahu. Numutkeun carita lokal Kuningan, éta pasir téh masih aya hubunganana jeung legenda carita […]
Continue readingCategory: Sastra Sunda
Dongeng Asal Mula (Asal-usul) Cianjur yang Salah Kaprah
Dari beberapa sumber saya mendapatkan informasi bahwa dongeng asal-muasal terjadinya kota Cianjur mirip dengan salah satu dongeng di daerah lainnya. Di internet dan buku yang telah terbit terdapat beberapa cerita tentang asal muasal kota Cianjur. Tetapi, yang paling dominan adalah kisah tentang seorang saudagar kaya yaitu Pak Kikir. Ringkasan Cerita […]
Continue readingNyipta Nu Enya
Nyipta Nu Enya Barasat! Burinyay! lir gelap ngampar na peuting ieu. Lemah eundeur lir geterna kahariwang Karasa héabna seuneu nu ngaléntab dada kula. Kecap-kecap ngaguruh atra karasa, kecap nu jadi jejer hirup walatra Kedal sakecap wawakil diri Merdéka! Gening… Eundeurna lemah ieu, héabna seuneu ieu teu cukup keur ngajurung nangtung, […]
Continue readingCiremai
Ciremai Gurat carita ti Nagri Talaga Manggung diimpleng, dilebah-lebah, horéng da geus kitu kuduna, kiwari lain bihari lain mangsa lain pangeusi karaton sisilih beton tapi ngan hiji nu jadi saksi ti bi hari tug ka kiwari Ciremai nyamunikeun carita guareun seuweu siwi Nyi Rambut Kasih Cigugur, 13 Mei 2010
Continue readingHalimun Tineung
Halimun Tineung Cahyaning Cahya sumorot ka nu dicipta, Halimun nyimbutan katineung kuring jeung anjeun, lalakon Dayang Sumbi di Bumi Siliwangi. mangkakna sinarning alam ngahibaran pangeusina, sangkan misukur ka Nu Nyiptana Halimun lingsir ti penclut pasir harepan némbongkeun jatining cicipta Nu Kawasa nyelecep kana rasa, a t r a . . […]
Continue readingFikmin – Obral
“sok mangga dipilih-dipilih, acak corak!” Nu bandrolna Rp.50.000,- mah teu ditoél-toél acan. Léos deui wéh.
Continue readingFikmin – Ngumpulkeun Pangacian
Geus biasa Si Ema mah ari isuk-isuk mun rék mangkat ka sérang téh. Lain disebut urang pakidulan lamun nyarita teu kadéngé dua imaheun mah. “Ujang! Geura hudang manéh téh geus beurang, étah sakalian bawa pacul, keur menerkeun kamalir!”, cenah bari stéréo. “éta tuluy bawa karung anu di pipir, keur wadah […]
Continue readingPikmin – Keur Mikmin
“Keur naon Mang mani kerung kawas nu loba hutang wéh, éta laptot teu kudu dimanyunan kitu atuh!” Cék Si Abro. “Ckckck, heuhh.. ieu mah ngaganggu waé!, cicing keur ngimpleng kecap, ngagumulungkeun rasa, nyawang pangalaman jeung ngolah basa.”, kelepus Mang Duléh kana Dji Sam Soe hanca sapotong deui. “Hahhhhh, rieut ngobrol […]
Continue readingFikmin – Kitab Warisan
Unggal 12 Mulud dibukana ku Bah Ahom téh. Muka banda nu teu weléh dibuntel ku poléng leuseuh, dibeungkeut opat juru. Diteundeun dina almari, dirékép-rékep sangkan aman. “ieu mah kitab warisan, Jang”, cenah. Ari unggal cunduk waktu keur dibuka, nyambuang kana pangambeu. Méh seungit kasturi!. Warugana jeung gedéna mah méh sarimbag […]
Continue readingFikmin – Anakronismeu?
Sarung dibeungkeutkeun dina cangkéng, ngahening nénjo nu nguntab-nguntab kana kongkolak mata. Ngahéab-héab ramo kana seuneu…… kompor gas. Siduru. Sa-emug kopi bodas maturan pangimplengan lawas, tina golakna cai dispénser anu nagog gigireun kuring. Hawar-hawar beuki atra singkecewisna, réangna channel TV nu dioper-oper ku Si Wandi di tengah imah. Dongéng-dongéng populér kawin-ceré […]
Continue reading