“sok mangga dipilih-dipilih, acak corak!” Nu bandrolna Rp.50.000,- mah teu ditoél-toél acan. Léos deui wéh. Ilham NurwansahPemerhati sejarah dan budaya Cianjur, pembaca naskah Sunda kuno, pengulik musik tradisi. Pengguna setia Linux.
Baca selengkapnyaPenulis: Ilham Nurwansah
Fikmin – Ngumpulkeun Pangacian
Geus biasa Si Ema mah ari isuk-isuk mun rék mangkat ka sérang téh. Lain disebut urang pakidulan lamun nyarita teu kadéngé dua imaheun mah. “Ujang! Geura hudang manéh téh geus beurang, étah sakalian bawa pacul, keur menerkeun kamalir!”, cenah bari […]
Baca selengkapnyaPikmin – Keur Mikmin
“Keur naon Mang mani kerung kawas nu loba hutang wéh, éta laptot teu kudu dimanyunan kitu atuh!” Cék Si Abro. “Ckckck, heuhh.. ieu mah ngaganggu waé!, cicing keur ngimpleng kecap, ngagumulungkeun rasa, nyawang pangalaman jeung ngolah basa.”, kelepus Mang Duléh […]
Baca selengkapnyaFikmin – Kitab Warisan
Unggal 12 Mulud dibukana ku Bah Ahom téh. Muka banda nu teu weléh dibuntel ku poléng leuseuh, dibeungkeut opat juru. Diteundeun dina almari, dirékép-rékep sangkan aman. “ieu mah kitab warisan, Jang”, cenah. Ari unggal cunduk waktu keur dibuka, nyambuang kana […]
Baca selengkapnyaFikmin – Anakronismeu?
Sarung dibeungkeutkeun dina cangkéng, ngahening nénjo nu nguntab-nguntab kana kongkolak mata. Ngahéab-héab ramo kana seuneu…… kompor gas. Siduru. Sa-emug kopi bodas maturan pangimplengan lawas, tina golakna cai dispénser anu nagog gigireun kuring. Hawar-hawar beuki atra singkecewisna, réangna channel TV nu […]
Baca selengkapnyaFikmin – Geus Sataun
“Mah, tétéh téh ayeuna tos nincak 12 taun. Kamari pan direuah-reuah ku réréncangan di sakola. Mani rese…p téh, teu kantos sapertos kitu ari sateuacanna mah”, cék Intan. “Baruk, alhamdulillah atuh geulis, geuning putra mamah téh dipikanyaah pisan ku réréncanganna.”, jawab […]
Baca selengkapnyaFikmin – Cahaya Oncor
Cihcir mitembeyan muka wanci nu geus ngaganti cangra poé ku peteng. Ciang-ciang silih témpas jeung kuang-kuang. Mangratus bangkong nyurakan dina galengan-galengan. Ngan ukur oncor anu maturan peteng. Petengna haté ieu. Ti jauhna, oncor-oncor patingkaretit dina galengan. ngangkleung. Nyieuhkeun cihcir, ciang-ciang, […]
Baca selengkapnyaFikmin – Begadang
Panon beureum, pétét semu bareuh jeung sarung disosorén kénéh. Barang liwat rék kacai, mang Udung nanya, “geus gadang lin Jang?”. Kapaksa ngarandeg heula, bari gigisik maksakeun beunta. “Enya Mang”, rada peuyeuh ngajawabna téh. “Lalajo Manchester City nya?”, bari yakin. “henteu […]
Baca selengkapnya





Total views : 40857
Who's Online : 0