Fikmin – Begadang

Panon beureum, pétét semu bareuh jeung sarung disosorén kénéh. Barang liwat rék kacai, mang Udung nanya, “geus gadang lin Jang?”. Kapaksa ngarandeg heula, bari gigisik maksakeun beunta. “Enya Mang”, rada peuyeuh ngajawabna téh. “Lalajo Manchester City nya?”, bari yakin. “henteu Mang, geus ngalalajoanan anu kahuruan uing mah”, bari nuluykeun asup ka cai.

(27-5-2012)

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *