“Keur naon Mang mani kerung kawas nu loba hutang wéh, éta laptot teu kudu dimanyunan kitu atuh!” Cék Si Abro. “Ckckck, heuhh.. ieu mah ngaganggu waé!, cicing keur ngimpleng kecap, ngagumulungkeun rasa, nyawang pangalaman jeung ngolah basa.”, kelepus Mang Duléh […]
Baca selengkapnyaFikmin – Kitab Warisan
Unggal 12 Mulud dibukana ku Bah Ahom téh. Muka banda nu teu weléh dibuntel ku poléng leuseuh, dibeungkeut opat juru. Diteundeun dina almari, dirékép-rékep sangkan aman. “ieu mah kitab warisan, Jang”, cenah. Ari unggal cunduk waktu keur dibuka, nyambuang kana […]
Baca selengkapnyaFikmin – Anakronismeu?
Sarung dibeungkeutkeun dina cangkéng, ngahening nénjo nu nguntab-nguntab kana kongkolak mata. Ngahéab-héab ramo kana seuneu…… kompor gas. Siduru. Sa-emug kopi bodas maturan pangimplengan lawas, tina golakna cai dispénser anu nagog gigireun kuring. Hawar-hawar beuki atra singkecewisna, réangna channel TV nu […]
Baca selengkapnyaFikmin – Geus Sataun
“Mah, tétéh téh ayeuna tos nincak 12 taun. Kamari pan direuah-reuah ku réréncangan di sakola. Mani rese…p téh, teu kantos sapertos kitu ari sateuacanna mah”, cék Intan. “Baruk, alhamdulillah atuh geulis, geuning putra mamah téh dipikanyaah pisan ku réréncanganna.”, jawab […]
Baca selengkapnyaFikmin – Cahaya Oncor
Cihcir mitembeyan muka wanci nu geus ngaganti cangra poé ku peteng. Ciang-ciang silih témpas jeung kuang-kuang. Mangratus bangkong nyurakan dina galengan-galengan. Ngan ukur oncor anu maturan peteng. Petengna haté ieu. Ti jauhna, oncor-oncor patingkaretit dina galengan. ngangkleung. Nyieuhkeun cihcir, ciang-ciang, […]
Baca selengkapnyaFikmin – Begadang
Panon beureum, pétét semu bareuh jeung sarung disosorén kénéh. Barang liwat rék kacai, mang Udung nanya, “geus gadang lin Jang?”. Kapaksa ngarandeg heula, bari gigisik maksakeun beunta. “Enya Mang”, rada peuyeuh ngajawabna téh. “Lalajo Manchester City nya?”, bari yakin. “henteu […]
Baca selengkapnyaFikmin – Bandar Sayur
Jam 2.00 peuting. Geus ngéntép mangkarung-karung engkol, wortol, kacang buncis, bonténg, tomat, lopang, kiciwis, jeung lobak dina émpér patokoan gigireun gedong ampéra. Diéntépan mani rarapih.“Mangga Pa! Bu! Ieu mah éstuning saleger kénéh, langsung dikintun ti Cipanas”, cék nu narungguan. “Mang […]
Baca selengkapnyaKarinding Kawung Cirama Girang: Warisan Karuhun di Lembur Singkur
Ku Ilham Nurwansah (Dimuat dina majalah Cupumanik) Tatar Sunda mibanda dua rupa karinding numutkeun kana bahan dasarna, nya éta karinding awi jeung karinding anu dijieun tina palapah kawung. Hususna pikeun karinding kawung, anu dipaké pikeun bahanna téh ilaharna kawung saéran. […]
Baca selengkapnya





Total views : 46483
Who's Online : 1
Tah leres pisan, ieu poinna. Tina naskah-naskah karya Dalem Pancaniti (1857), boh nu nganggo basa Sunda, Malayu, & Jawa, sadayana…
Muhun, siap. Sakali waktos urang guar, Kang
Upami dina arsip "Bijdragen tot de Taal-, Land- en Volkenkunde, (1863), hlm. 308-313." malahan kedah ngangge condre. Aya lepat terjemahan…
Berarti teu acan tiasa diakses online nya, Kang? Penasaran lebetna kumaha. Pami sempat, mudah2an tiasa diulas di blog ieu nya…