Cianjuran dina komposisi kiwari aya nu maké biola, iwal ti suling jeung rebab téh. Makéna biola dina Cianjuran téh saméméhna kungsi deuih dimekarkeun dina wanda Sték Orkés, gabungan pirigan Cianjuran jeung instrumen barat kayaning biola, cello jeung kontra bas. Kitu deui ngadumanis dina Cianjuran Keroncong.
Singhoréng lamun dijujut deui kana tutulisan baheula, nyatana tina “Babad Cikundul” (disebut ogé Babad Ménak Sunda atawa Babad Cianjur), kecap “biola” téh geus kaunggel. Sawatara naskah “Babad Cukundul” anu keur dipariksa deui ku kuring téh ditulis atawa disalin antara abad 19 jeung 20. Umumna ku aksara Pégon Sunda.

Maén biola téh minangka kalangenan Dalem Cianjur Aom Enoh (bupati Cianjur 1774-1813), putrana Dalem Muhyidin (bupati Cianjur 1761-1776). Atuh munasabah lamun dipakéna biola kana komposisi Cianjuran kiwari téh aya kénéh kokocoranana ti mangsa baheula, sanajan mungkin pisan teu langsung nyoko kana sumber lalakon babad ieu.
Numutkeun ieu babad, dina mangsa jenengna Dalem Aom Enoh jadi bupati, Cianjur dina kaayaan punjul satatar Pasundan. Réa ménak anu paham ageman Islam, ti sagédéngeun éta, atuh hususna Aom Enoh, resep pisan kana seni wayang, pantun jeung “gosok biola”.
Tah kieu unggelna dina babad anu ditulis dina pupuh Asmarandana:

….// (161) sajaba usul jeung fiqih, pada ngaos ilmu falak, istuning begér perlénté, kana kasukaan dunya, taya anu kaliwat, kana wayang kana pantun, jeung kana gosok biola,
Cag,
Ciputat 3 Juli 2024
#biolacianjuran #cianjuran #musiksunda #karawitansunda #tembangsunda

Pemerhati sejarah dan budaya Cianjur, pembaca naskah Sunda kuno, pengulik musik tradisi. Pengguna setia Linux.