
Lalampahan “Si Wulung” téh sigana enya kudu nyimpang heula ka Sukaasih, Bandung. Sabada insidén dina bagasi pesawat nepi ka wangkisna beulah, nya ahirna mercayakeun ka kang Desmon Suntara pikeun ngaropéa ieu kacapi.
Munggaran pisan tepung jeung anjeunna téh. Ngahaja nganjang ka workshopna. Ari nguping namina mah mindeng, malah kawilang geus lila basa keur kuliah di jurusan Sunda UPI Bandung. Katambah mindeng diskusi sareng Kang Dian Hendrayana saperkara kacapi, kawih jeung tembang.
Kang Desmon téh geus teu bireuk deui keur nu resep kakacapian mah. Hususna di Bandung. Karyana-karyana bisa disebut unggulan, boh tina rupa wangun, kualitas bahan, jeung kualitas sora. Kitu deui sawatara inovasi organologi kacapi anu kungsi dijieun ku anjeunna.

Aya hal anu matak kuring panasaran perkara “Si Wulung”, sabada di-diagnosa ku Kang Desmon téh. Puguh ari ruksakna mah rongkah: wangkis beulah, gelung rengat jeung cengkat. Ngan, aya sawatara detail tapak nyieun kacapi anu has. Boh dina wangun, boh dina cara ngawangunna, boh dina prinsip ngahasilkeun sora anu hadé. Cindekna mah, ieu kacapi teh karyana Pa Tohir. Salah sahiji pengrajin kacapi anu ogé pangalamanana geus leket.
Sanajan “Si Wulung” téh rupana (finishing) anyar, tapi ari bahan awak jeung modélna mah kawilang generasi munggaran kacapi siter-gelung. Kitu deui lamun ditimbang tina detail wangunanna mah.
Kaduhung saenyana mah nepi ka kuring gagabah ngasupkeun Si Wulung kana bagasi pesawat téh. Da pangalaman mimitina mah taya masalah. Ngan basa mindoan tumpak deui pesawat, nya kitu téa: rangsak. Moal disebutkeun ari maskapaina mah. Ngan kari nasib wé ayeuna mah.
Tapi aya reueusna ogé, lantaran ieu téh salah sahiji karya Pa Tohir. Katambah deui ayeuna keur diropéa ku Kang Désmon. Jadi kariksakeun ku para ahli pengrajin kacapi. Sugan waé “Si Wulung” bisa jagjag deui sakumaha asalna.


Pemerhati sejarah dan budaya Cianjur, pembaca naskah Sunda kuno, pengulik musik tradisi. Pengguna setia Linux.










Total views : 44034
Who's Online : 0