
Laras: Madenda
Wanda: Panambih
Rumpaka & Lagu: Yus Wiradiredja
[gelenyu]
Banondari bojo akang anu geulis
taya tanding kageulisan anu lian
bumi tangtu asa génjlong
mun anjeun ninggalkeun akang,
duh… akang henteu rido
mun anjeun direbut deungeun
Aduh akang gagah sakti mandraguna
taya tanding digjaya saamparan jagat
tara-tara tisasari
akang lir kapupul bayu,
duh… abdi asa ringrang
horéng kapentang katresnan
[gelenyu]
Banondari deudeuh akang geugeut
ieu haté asa hésé dipapalér
jung nangtung asa lalanjung
gek diuk teu puguh tangtung
Gandrung teu suwung-suwung
Mo kapalang sanajan meuntas lautan
sok sanajan kudu ngajleng kélang jagat
dibandingkeun beuratna cinta ka anjeun
jungjunan nu dipimelang
[gelenyu]
Jungjunan deudeuh panutan
sing percanten abdi hamo luncat mulang
abdi mah badé satia
panutan nu dipiati
hamo rék udar subaha
Duh panutan abdi mah seja ngiringan
ka salira panutan siang jeung wengi
duh panutan abdi mah seja satuhu
jungjunan nu dipiasih
Jirangan 2:
Dina rasa mendem sedih jeung tunggara
mung saukur bisa ngeclakkeun cimata
suni diri teu diumbar
kapeurih diri sorangan
duh… diri kumalayang
ngagenclang dina lalewang
[gelenyu]
Diri nguyung ngababatang lampah
nu kasampak handeuleum ngalimpud diri
rasa cidra jeung cangcaya
ngeunteung dina ieu rasa
duh… diri tumarima
ngangkleung na rasa tunggara
[gelenyu]
Deudeuh teuing aduh ieu diri
nya kasedih mung diumbar dina rasa
kumaha abdi balaka kapeurih reujeung tunggara
ngeumbing dina hariring
Mungkas leumpang seja kangen jeung hariwang
nya geuningan sumirah teu baé datang
nya geuningan sumirah teu daék datang
katresna angkeub haliwung
[gelenyu]
Duh geuning anjeun bet téga
nilas rasa di nu diri nu dicinta
cenah mah badé satia
mo bakal masihan cidra
geuning ngan ukur basa
Nu ayeuna mangsa tresna ngarandapan
nu ayeuna mung basa nu ilang basa
geuningan salira bet henteu pageuh
nya kana jangji bihari

Pemerhati sejarah dan budaya Cianjur, pembaca naskah Sunda kuno, pengulik musik tradisi. Pengguna setia Linux.