Karang Sétra

Wanda: –
Laras: pélog/degung

Teureup héjo pilemburan,
sono téh kaliwat leuwih.

Méong congkok saba ranjang,
cing atuh kumaha abdi.

Béas ditutuan deui,
iraha urang patepung, iraha urang patepung.

Surawung sisi astana,
moal weléh dipiasih, duh dipiasih.

Tambang leutik, tambang leutik,
sakieu nya kalaraan, nya kalaraan

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *