Dina raraga miéling Poé Basa Indung Sadunya asa ras inget deui kana naskah Sang Hyang Siksa Kandang Karesian. Anu nyusun éta naskah téh tangtu boga pangaweruh jembar, kaasup kana rupa-rupa basa anu disebut “carék para nusa” atawa ‘omongan pulo-pulo’.
Carék para nusa téh ku Saléh Dasasmita spk. (1987) mah dihartikeun minangka “basa nagara-nagara séjén”, aya leuwih ti 40 basa anu kasebut boh dina vérsi naskah lontar boh dina vérsi naskah gebang. Ieu wincikanana:
(L 624 – lontar)
Hayang nyaho di carék para nusa ma, Cina, Keling, Parasi, Mesir, Samudra, Banggali, Makasar, Palémbang, Siem, Kala(n)te(n), Baka(ng), Béten, Tulang Bawang, Séla, Pasay, Parayaman, Nagara Dékan, Dinah, Andeles, Tégo, Moloko, Badan, Pégo, Malangkabo, Burétén, Lawé, Saksak, Se(m)bawa, Bali, Sabini, Ngogan, Kanangen, Kumering, Simpang Tiga, Gumantung, Manu(m)bi, Bubuh, Nyiri, Patukangan, Surabaya, Lamarung, Ja(m)budipa, Séran, Solot, I(n)dragiri, Tu(n)jung Pura, Sakampung, Atas Angin, Cempa, Baluk
(L 630 – gebang)
Lamun dék nyaho di carék para nusa ma, Cina, Keling, Parasi, Mesir, Samudra, Banggala, Makasar, Pahang, Kala(n)ten, Bangka, Buwun, Beten. Tulangbawang, Sela, Pasay, Parayaman, Nagara Dekan, Dinah, Andeles, Tego, Maloko, Badan, Pego, Malangkabo, Mekah, Buretet, Lawe, Saksak, Se(m)bawa, Bali, Jenggi, Sabini, Ngogan, Kanangen, Kumering, Simpang Tiga, Gumantung, Manumbi, Babu, Nyiri, Sapari, Patukangan, Surabaya, Lampung, Jambudipa, Seran, Gedah, Solot, Solodong, Bali, Indragiri, Tanjung Pura, Sakampung, Cempa, Baluk, Jawa.
Upama hayang nyaho éta sakabéh basa téh, kudu ditanyakeun ka ahli basa nu disebut jurubasa darmamurcaya. Ieu salah sahiji hal nu nandakeun yén hubungan internasional geus lumangsung di tatar Sunda ti jaman baheula. Sahenteuna, geus aya ti saméméh ieu naskah nu ditulis kira-kira abad ka-15.
Ngawasa carék séjén téh jadi kebutuhan pikeun barter atawa dagang, diplomasi kanagaraan, atawa sarana kaagamaan. Dina widang sastra keagamaan, aya tilu basa anu dominan dipaké dina mangsa Sunda buhun téh, nyaéta basa Sanskerta, Sunda buhun, jeung Jawa buhun.
Basa Sanskerta dipaké pikeun ngawuwuhan kandaga kecap jeung sloka anu patali jeung kebudayaan sarta ajaran agama Hindu-Buddha. Aya anu wangunna angger, tapi réa ogé anu “dilokalisasi” luyu jeung éjahan basa Sunda buhun. Iwal ti basa Sunda buhun, basa Jawa buhun gé dipaké dina naskah, najan ilahar pisan dipaselupkeun dina kalimah.
Naskah-naskah Sunda buhun teu ditulis dina bawa Sunda buhun wungkul, tapi aya ogé nu ditulis maké basa Jawa buhun (contona Sang Hyang Hayu, Bima Swarga, Siksa Guru). Malah mah aya ogé naskah Sanghyang Sasana Maha Guru nu ditulis ku basa Sunda buhun ti bagian miiti nepi ka bagian tengah téksna, tapi dituluykeun make basa Jawa buhun ka tungtungnakeun.
Dipakéna basa Jawa buhun dina naskah-naskah Sunda téh lantaran para pandita baheula remen lalampahan ka luar wewengkon Sunda. Tujuanana nya pikeun nyuprih élmu keagamaan. Cara lalakon “Ameng Layaran” dina naskah Bujangga Manik. Cénah “sadatang ka tungtung Sunda, meuntasing di Cipamali, datang ka alas Jawa.” Di Jawa kacaturkeun réa patempatan nu dijugjugna. Di antara nu dijugjug téh sababaraha patirtaan (pamandian), patapaan, jeung karesian. Sanggeus mulang ka tatar Sunda, “Ameng Layaran” kacaturkeun bisa nyarita basa Jawa (buhun).
“Ameng Layaran” nyebutkeun yén sanggeus manéhna diajar élmu agama leuwih ti sataun di Rabut Palah, salah sahiji kabuyutan karajaan Majapait, tuluy bisa nyarita basa Jawa jueng bisa narjamahkeun )kana basa Sunda buhun). Cenah gé “Aing bisa carék Jawa, bisa aing ngaro basa”. Tina éta nu kaunggel téh hartina “Ameng Layaran” (Bujangga Manik) bisa ngawasa basa Jawa jeung basa Sunda minangka basa indungna.
Nyarita basa Jawa téh diangga hiji kaunggulan, sabab némbongkeun kaweruh kana eusi pustaka jeung hukum-hukum agama. Nyatana kagambarkeun dina watek Ameng Layaran. Keur mah eukeur dedeganana gagah jeung kasep tuluy bisa nyarita dina basa Jawa deuih. Cenah gé “teher bisa carék Jawa, wruh dina eusi tangtu, lapat di tata pustaka, wruh di darma pitutur, bisa sanghiang darma.”
Watek nu kitu téh luyu jeung ajaran darma pitutur dina SSKK. Cénah upama urang lalampahan ka hiji tempat tuluy balik deui tanpa kungsi diajar basana, éra parada karasana. Kieu unggelna “Saur sang Darma Pitutur mujaraken sabda sang rumuhun. Aya deui babandingna. Kitu upama urang leumpang ka Jawa, hamo nurut carékna deungeun carana, mangu rasa urang. Anggeus ma urang pulang deui ka Sunda hanteu bisa carék Jawa, asa hanteu datang nyaba. Poos tukuna beunang tandang ja hanteu bisa nurut carékna”.
Cindekna, tina unggal lalampahan téh kudu bisa meunang luang, atawa paling henteu bisa nyarita dina basa patempatan nu dijugjug. Ku ngarti basana, bisa jadi jalan pikeun mikaharti amanahna. Upama teu kitu, urang moal meunang nanaon tina éta lalampahan téh.
Wilujeng Poé Basa Indung Sadunya!
#InternationalMotherLanguageDay
Pemerhati sejarah dan budaya Cianjur, pembaca naskah Sunda kuno, pengulik musik tradisi. Pengguna setia Linux.