Korban Wabah Taun 1888 di Banten: Lebak 11.000, Pandéglang 36.000

Kitu nu kacatet dina “Hikajat Nganggo Dangding Basa Soenda Banten Parahijang, Tjarios Kaajaan di Kaboepaten Lebak sareng Serang, Didjenengkeun Asmara Sri Angga” medal dina Tijdschrift voor Indische taal-, land-, en volkenkunde taun 1894 di Batavia.

Éta carita anu dianggit dina wangun wawacan téh nyatana nyutatkeun kajadian jaman Walanda. Sasalad nu kaalaman taun 1888 di afdéling Lebak jeung Pandéglang kacutat aya puluhan rébuna. Ari salah sahiji nu matak banget nambahan sumebarna sasalad cenah tina kaayaan imah anu padémpét, méh taya buruan-buruan acan. Pada-pada sasuhunan malah mah. Hanjakal, teu disebutkan ari ngaran sasaladna mah.

Soeria Nata Ningrat regent van Lebak (West-Java)  – Tropenmuseum

Harita nu jadi bupati Lebak téh dalem Soeria Nata Ningrat, ari asisten résidénna nyaéta tuan Van der Ven. Kieu carita nu kaunggelna téh:

XI

160. Pupuh Lambang nu kaserat, tiba-tiba saenggeus dongkap, kangjeng asisten ayeuna, tuan Van der Ven jenengna, ari kangjeng bupatina dalem Suria Nata Ningrat, unggal tahun tambah-tambah, raharja afdeling Lebak.

161. Nanging abdi teu tiasa, miunjuk hiji-hijina, namung manawi manawa, tina sebab bijaksana, nu agung saduwana, buktina kieu jadina, kumaha nu parantosan, kauningan panjenengan.

162. Ti dinya kula mangsulan, héh pasebuh ari éta pasal kabijaksanaan, geus kudu ka sadayana, jén lahir di alam dunia, paribasa nu berakal, berbudi ingetan limpad, jumlahna opat perkara.

163. Anu nerangkeun buktina, ieu kula ngabéjaan:

a. mikir dina haténa,

b. ngaduga ku pangarsa,

c. awas mata kapala,

d. ngintip ku dédéngéan,

naon anu kauninga, tangtu wujud di ahirna.

164. Atas kanyataanana, ieu pasepuh teu tiasa, maké nu sakitu éta, kumaha pasebuh bisa, nyebutkeun di alam dunia, angiu sakuliah jagat, ayeuna kula carita, kieu ti asal mulana.

165. Nu jadi pameunang kula, geus tumanya ka sadaya, ka jalma nu ngalampahan, kana nu opat perkara, ieu pasepuh enya suka, nyaho kateranganana, ieu sahiji-sahijina, nu miunjuk ka kaula.

166. Hiji abdi nu geus nyaba, datang, ka ieu nagara, geus nyarita keur mangsana, basa tahun nu kaluwang, dalapan puluh dalapan, keur mula-mula kaasta, ieu di afdeeling Lebak, kangjeng asisten ayeuna.

167. Ngadéngé omong di luar, kangjeng bupati ayeuna, ka kangjeng tuan unjukan, kaayaan imah-imah, di ieu afdeling Lebak, hanteu aya antarana, hiji-hiji jeung lianna, rapet tepung susuhunan.

168. Ngan saeutik palataran di tukang jeung di buruan, najan kangjeng diparéntah, supayana pakarangan, bararesih saheubeulna, mo hasil bisa jadina, sebab migawéna susah, asring jén timu katrangan.

169. Nu kudu meunang hukuman, hanteu timu katrangan, saha anu kudu salah, sebab teu aya watesnya hiji-hiji anu boga, anu kudu ngaresikan, kokotoran pakarangan, da teu aya wates cirina.

170. tina éta asring pisan, kajadian bumi putra, meunang susah panggih bahla, kayaning tahun kaluang, keur dalapan puluh téa, nepi ka tahun hareupna, kabéh sasalad muriang, panas tiris sanget pisan.

171. Babari pisan nularan, ka nu réa reujeung kebat sakabehna jalma-jalma, dina éta hiji désa, keuna ku panyakit panas, tandana dék jalma réa, dina lembur Selapadjan, distrik Rangkasbetung pisan.

172. Cacah jiwana muriang, paraéh kabéh teu aya, tina panyakit sasalad, jeung di lian-lian désa, masing-masing kajadian, kabarna afdéling Lebak, leuwih kurang nu kabilang, sabelas réwu réana.

173. Sarta kajaba ti dinya, méh baé rék saheubeulna, kajadian lamun aya, hiji imah kahuruan, méakkeun saluar désa, tina sebab baléngkétna, susah metakeun tulungan, temah sumpes sadayana.

174. Saparantos kangjeng tuan, ngadangukeun piunjukna, sakumaha pihaturna, kangjeng bupati harita, najan langkung percanten, tapi tina bijaksana, acan ngajalankeun titah, héngga dimana heulaan.

175. Malah satahun heubeulna, marios jeung ningal-ningal ikumaha hal kaayaan, di tanah afdéling Lebak, niténan ku anjeun pisan, tahun dalapan puluh dalapan, kula meunang béja terang, dina hiji pakumpulan.

176. Berhimpunan sadayana, singgetna enggeus mupakat, peryogi dimimitian, diurus upama aya, hiji lembur kahuruan, kudu diatur sampurna, cara di tanah Priyangan, alus mani katénjona.

XXIII

200. Halna kapungkur geus bukti, kasusahan bumi putra, nyaéta basa baréto di afdéling Pandéglang, ogé di tahun éta sarébu dalapan ratus, dalapan puluh langkungna.

201. Awéwé reujeung lalaki, keuna panyakit sasalad, kira-kira nu paraéh, leuwih atawana kurang, basa kala harita, tilu puluh genep réwu, ngan aya nu tilu désa.

202. Di gunung tanah miring hanteu beunang diimahan, padeudeukeut rapet ngantét, salamet tina sasalad, ngan aya hiji dua, pribumi di éta lembur, paéh keur mangsa harita.

203. Saenggeusna rérés panyakit, geus leungit hama sasalad, tuluy diunjukkeun baé, repot ka bandara kula, nyuhunkeun kamurahan, kapala désa nu tilu, dipaparin hiji séwang.

204. Nyuhun digaleuhkeun munding, pikeun jadi pertandaan, ati-ati reujeung titén, ngurus ka batur-baturna, jeung di afdéling Sérang, kajadian tilu lembur, tumpes réngsé kahuruan.

….

Réa kénéh wawacan anu nyaritakeun perkara sasalad téh, ngan can kasaliksik hiji-hijina. Engké sugan kasampeur.

Cag.

Ciputat, 5 Agustus 2020

Ilham Nurwansah

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *