Awi téh bahan alami nu raket patalina jeung hirup kumbuh sapopoé urang Sunda. Dina mangsa kira-kira abad ka-14 nepi ka-16 M, urang Sunda geus mikawanoh rupa-rupa awi. Nyatana kaunggel dina catetan teks-teks Sunda kuna. Sawatara ngaran awi nu kacatet téh di antarana awi gombong, nyowana (Bujangga Manik), tamiang (Warugan Lemah, Bujangga Manik), bitung (Carita Ratu Pakuan), surat (Sanghyang Swawar Cinta), tali, betung, temen, haur, ampel, jeung awi wuluh, (Kala Purbaka).
Ti baheula nepi ka kiwari awi dipaké pikeun rupa-rupa banda, ti mimiti parabot, pakakas, waditra, nepi ka wangunan. Kitu téh lantaran awi nyampak di sabudeureun lingkungan alam Sunda anu leuwih dominan hirup di wewengkon pagunungan.
Dina ambahan kesenian tradisional kiwari, awi téh biasana digunakeun minangka bahan dasar pikeun nyieun waditra (basa Sangsakreta: wāditra= alat musik), antarana pikeun bahan suling, bangsing, karinding, calung, jeung angklung. Komo ku kemekaran téknologi, awi geus bisa diolah leuwih modéren sangkan bisa dipaké bahan waditra kacapi, gitar, biola jeung célo nu leuwih ti heula dijieun tina kai.
Cék Amanat Galunggung “hana nguni hana mangké, tan hana nguni tan hana mangké” hartina moal aya ayeuna lamun taya baheula. Kitu deui dina hal rupa-rupa waditra. Moal gé aya waditra dina jaman kiwari, lamun taya tapak waditra nu natrat ti jaman biharina kénéh. Naon waé atuh waditra-waditra jaman Sunda kuna nu dijieun tina bahan awi téh? Dumasar kana sawatara naskah Sunda kuna, waditra awi nu kacatet nyaéta abah, calintuh, gobeng, kumbang, jeung roél.
Waditra abah téh disebutkeun dina naskah Kawih Pangeuyeukan (KP). Sorana disada ku cara ditiup ku angin, saperti nu kaunggel dina téksna kieu “sada abah kaanginkeun.” Ngan hanjakal, teu kapaluruh katerangan wujud ieu waditra téh. Ieu waditra disebutkeun babarengan jeung waditra séjénna nyaéta calintuh jeung gobeng.
Wangun calintuh jeung gobeng ogé teu disebutkeun dina téks KP mah, tapi aya katerangan perenahna ieu waditra. Cenah gé, “sada calintuh di anjung” jeung “sada gobéng di réngkéng”. Ari dina naskah Séwaka Darma (SD) mah disebutkeunna téh “sada gobéng diréksi, calintuh di anjung”.
Calintuh kiwari dipaké kénéh ku masarakat Kanékés (Baduy). Ari diperenahkeunana nyaéta di huma “Tangtu”. Urang Kanékés mah nyebutna calintu. Ieu waditra téh dijieunan tina awi saleunjeur nu unggal bukuna diliangan, kira-kira sagedé indung leugeun. Unggal ruas liangna hiji. Upama katiup ku angin bakal ngaluarkeun sora ngahiung, sakapeung méh sarupa jeung sora nu keur ceurik. Dina istilah musik deungeun, waditra sarupa kitu téh disebutna aeolian flute.
Nurutkeun kabiasaan urang Kanékés kénéh, calintu sok dipasangkeun bareng jeung kolécér nu dijieun tina bahan awi. Éta dua waditra téh ngahaja dipasangkeun sabab gunana pikeun miara paré kalawan batiniah, ti mimiti melak, nepi ka panén. Ieu patalina jeung kepercayaan ka Nyi Pohaci Sanghyang Sri. Di masarakat kasepuhan Ciptagelar mah calintuh téh disebutnya sondari. Ari di Jawa disebutna sendarén, sarta di Bali disebut sunari.
Boh dina téks SD boh dina KP, calintuh téh disebutkeun perenahna di anjung. Nurutkeun harti kiwari, anjung téh sesebutan kana wangunan basajan pikeun tunggu di huma, biasana rada jangkung. Bisa ogé disebut saung ranggon.
Ari waditra gobeng mah taya katerangan kumaha wangunna. Dina téks SD jeung KP aya pituduh diperenahkeunana ieu waditra, nyaéta di réngkéng atawa di réksa, cenah. Upama ditilik tina kebiasaan masangkeun calintuh jeung kolécér di wewengkon Kanékés (Baduy) mah, mungkin pisan anu dimaksud gobeng dina téks Sunda kuno téh sarua jeung kolécér téa. Kitu deuih nu dijelaskeun ku Edi S. Ekadjati dina buku Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran (Pustaka Jaya, 2014) ogé.
Waditra séjén nu disebutkeun dina téks Sunda kuna nyaéta kumbang. Dina téks KP kacatet unggel kieu: sada kumbang ta di ranjang. Hartina ieu waditra téh ditabeuh di jero rohangan, luhureun ranjang. Ngaran kumbang pikeun ieu waditra dipikawanoh kénéh di Kanékés. Wangunna mangrupa suling tina dua buku awi tamiang, liangna opat, sarta makéna ditiup kalawan posisi horizontal saperti bangsing.
Dina téks SD, kumbang disebutkeun ditabeuh babarengan jeung waditra tarawangsa, cenah gé “sada kumbang tarawangsa ngeuik.” Ari dina Sanghyang Siksa Kandang Karesian aya katerangan yén jalma nu maénkeun waditra kumbang téh salah saurang nu kalakuanana turutaneun, sabab bisa dijadikeun pikeun tuladeun, satata jeung mantri, bayangkara, juru lukis, pangalasan jeung lian-lianna deui. Kieu unggelna: deung maka ilik-ilik dina turutaneun: mantri gusti kaasa-asa, bayangkara nu marek, pangalasan, juru lukis,… kumbang gending, … aya ma satya di guna di kahulunan.
Nu pamungkas, aya waditra roél. Dina téks Sri Ajnyana, waditra roél muncul dina kalimah nu ngagambarkeun sora ngahiungna rupa-rupa kumbang kayaning bangbara, nyiruan, teuweul, sireupeun jeung olan-olan di kahiyangan. Cenah, sorana téh “kapisigul kapibarung, kapicéngcéng kapiroél, nu bécet kapisaréngséng,” siga nabeuh rupa-rupa waditra konsér, siga goong leutik jeung angklung, nu leutik saperti saréngséng (Noorduyn & Teeuw, 2009).
Roél kiwari dipikawanoh minangka salah sahiji ngaran waditra kelompok angklung. Dina angklung buhun Kanékés jeung angklung Badéng, Garut, roél téh dipaké pikeun nyebut angklung nu ukuranana leutik jeung sorana luhur (petit). Dina pidangan angklung Badéng, roél nu dicepeng ku “dalang”, boga peran minangka nu ngatur lumangsungna pidangan lagu. Dina tungtung pungkasan, roél disadakeun rada lila (dikeleterkeun).
(ILHAM NURWANSAH, Panalungtik Naskah Sunda Kuna, Manassa Jawa Barat)
Edisi citak dimuat dina majalah Pasundan No. 8 Desember 2017.
(unduh berkas PDF)
Pemerhati sejarah dan budaya Cianjur, pembaca naskah Sunda kuno, pengulik musik tradisi. Pengguna setia Linux.