Kawih Katanian

dimuat dina Pikiran Rakyat rubrik “Kalam”, 22 Agustus 2016

Mitologi paré horéng geus heubeul ayana di urang. Keun nu holna tina tradisi lisan, ieu waé tina tradisi tulisan méh teu kawadahan. Nu amtak ahéng mah din anaskah Sunda kuna gé kapanggih. Geura aya naskah anu keur dihanca bari asalna tina koléksi kabuyutan Ciburuy. (CB.125.1.24). Téksna ditulis ku aksara Sunda kuna dina 16 lempir (38 kaca) lontar kalwan judul Kawih Katanian, sakumaha nu kapanggih dina téks lempih kahiji nu unggelna ini kawih katanian, basa méméh turun tahun, dipilémék ti hanteuna.

Iwal ti téks Kawih Katanian, ieu naskah mobanda bagian téks tina carita Kalajaya dina lempir 10 jeung bagian téks tina carita Para Putra Rama jeung Rahwana (Ramayana) dina lempir 11. Najan kitu, téks Kawih katanian porsinan dominan. Gedé kemungkinan dua téks séjénna kahijikeun jeung beundeulan ieu naskah. Eusi naskah nyaritakeun tokoh jeung galur ngeunaan proses mimiti jadina rupa-rupa tutuwuhan, hususna paré sarta anu patali jeung tatanan.

Di tengah-tengah téks aya bagian nu nataan rupa-rupa paré nu mucunghul tina bagian-bagian awak salah sahiji tokoh dina carita. Kamungkinan gedé mah nya tina awakna Srikandi, sakumaha anu kasabit-sabit dina téks wawacan Sulanjana jeung carita pantun Sri Sadana.

Sababaraha rupa paré anu disebutkeun jeung asalna tina bagian awal Srikandi téh di antara paré timbun ti buukna, paré keupak ti bungbunan, paré hajeni ti halis, paré salak ti matana, paré ka-… …- rus ti sungngutna paré hujan ti beuheungna, paré getek ti -… …, … ti leungeunna, paré tanggay ti kukangna(?), paré jalawara ti pinareup, paré baur ti haregu, paré beunteur ti puserna.

Sababaraha paré nu kasebut téh kapanggih dina kamus Jonathan Rigg, najan kateranganana singget pisan, nya di antarana paré jalawara, manjara, jeung paré. Kabéhna mangrupa paré nu sok dipelak di huma.

Sanggeus kolofon, téks dituluykeun kana bagian nu nataan jangjawokan nu patali jeung tatanan, kayaning keur melakkeun binih (ini pakeun turun binih), sangkan beuti jadi hade (ini pakeun beti…), teu ku hama (ini pakeun mo keuna hama), mipit (ini pakeun dipipit), nutu (ini pakeun nutu), mere parab (ini pakeun diparaban). Tuluy disebutan tata laksana silitukeur jeung merenahkeun ngaran-ngaran jalma dina waktu meresihan huma (ini ngaran nu diparas).

Data séjénna nu kapanggih tina jangjawokan nyaéta ngaran-ngaran hama nu ditataan kieu, ini pakeun mo keuna… -lana acining larang, leuweung buda mrewasa, lentuh gemah genah gejah, Prah Atén tan keuna ku rara wigna, tan keuna ku rara… … -gihhan, hama lulun hama kutal, hama bajra, hama bugang, hama landak, sakwéh sarbaning warnaning hama leuwah… -na. Tina ieu jangjawokan bisa kaidéntifikasi ngaran hama tutuwuhan kayaning hama lulun (hileud daun), kutal, bajra, (hileud bajra ?), bugang jeung landak.

Dina babagian nu nataan jangjawokan, aya téks anu wangunna lain mangrupa jangjawokan, tapi leuwih payus mangrupa déskripsi baé. Nya dina bagian tata cara nutu, nu unggelna kieu: Ini pakeun nutu, dirikeun heula nu ngahanan di lesung, sudah nutu, nini pwangngah aki pwangngah, éta nu ngahanan di lesung. Ieu kalimah ngan ngadadarkeun runtuyan tata laksana jeung saha-sahana nu kudu aya saméméh nutu paré.

Téks anu boga hubungan paralel jeung téks-téks nu patali jeung mitologi paré nu raket jeung Déwi Sri atawa Pohaci sakumaha nu kapanggih ogé dina wangun wawacan, di antarana Cariyos Sawargaloka, Wawacan Sanghiyang Sri, Wawacan Puhaci Dangdayang, Wawacan Sulanjana, Wawacan Nyi Pohaci, Wawacan Pohaci Terus Dangdayang, sarta dina  Babad Kawung. Dina wengkuan anu leuwih lega, Kawih Katanian mibanda hubungan paralel jeung carita Budug Basu, Udu Basu, Serat Babad Ila-ila, lalakon wayang purwa Sri Sadana atawa Sri Mulih. Éta sakabéna téh mangrupa lambang jeung harepan pikeun kesuburan.

ILHAM NURWANSAH, panalungtik naskah Sunda kuna di Pusat Studi Sunda.

sundapedia_kalam_22-8-16_kawih-katanian

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *