Nyipta Nu Enya

Nyipta Nu Enya

Barasat!
Burinyay!
lir gelap ngampar na peuting ieu.
Lemah eundeur lir geterna kahariwang
Karasa héabna seuneu nu ngaléntab dada kula.
Kecap-kecap ngaguruh atra karasa,
kecap nu jadi jejer hirup walatra
Kedal sakecap wawakil diri
Merdéka!
Gening…
Eundeurna lemah ieu, héabna seuneu ieu
teu cukup keur ngajurung nangtung,
teu wasa keur medar sila
Kahariwang sok kumalangkang,
kainggis nagri baganti
Pajar, ceuk béja mah merdéka
tapi ceuk rasa rumpa-rampa.

Cianjur, 13 Agustus’08
Ilham Nurwansah

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *