Komunitas Wikipedia Ngaraksa Basa Sunda

Wikimedia Indonesia gawé bareng jeung Pusat Studi Sunda ngagelar acara pangumuman jeung pamasrahan hadiah pikeun tilu urang pinunjul sayembara nulis artikel di Wikipédia.

Cupumanik3
Dimuat dina majalah Cupumanik No. 115 Taun x/No.7 Maret 2015

Wikimedia Indonesia (www.wikimedia.or.id) nyaéta pakumpulan (asosiasi) indepénden anu diadegkeun jeung didanaan sorangan ku sukarélawan Indonésia. Ieu asosiasi téh diadegkeun pikeun ngarojong upaya-upaya nyadiakeun jeung nyebarkeun matéri-matéri pangaweruh nu sumberna nembrak dina basa Indonésia jeung basa-basa séjénna anu dicaturkeun di Indonésia.

Sayembara anu dijejeran “Wiki Sabanda” (Wikipédia Raksa Basa Sunda) téh maké sistem undak-undakan lumangsung salila 17 bulan, ti mimiti Séptémber 2014 nepi ka Maret 2016. Ieu sayembara diiluan ku 60 urang pamilon anu mibanda rupa-rupa kasang tukang, di antarana SMP, SMA, mahasiwa, karyawan, guru nepi ka ibu rumah tangga, kalawan umur antara 13 nepi ka 30 taun. Salila sayembara dilaksanakeun, geus dihasilkeun total 540 artikel jeung leuwih ti 10.473 suntingan dina Wikipédia Basa Sunda.

Ieu tarékah téh didanaan ku Ford Foundation minangka pangrojong pikeun Program Nasional Pemberdayaan Masyarakat Pusaka Kemenkokesra. Total biaya anu dikaluarkeun pikeun ieu proyék nyaéta Rp. 70 juta.

Tilu pinunjul utama masing-masing narima hadiah laptop. Pinunjul kahiji nyaéta Yusup Ramdani, pamilon asal Sukabumi anu ngahasilkeun 109 artikel pangaweruh umum, jadi pamilon pangaktifna méré kontribusi dina komunitas Wikipédia Basa Sunda. Pinunjul kadua, Sopiyulloh Anwar, asalna ti Cianjur sarta geus nulis 107 artikel dina téma biologi. Pinunjul katiluna, Ahmad Fauzi, pamilon asal Nagrég anu ngahasilkeun 118 artikel dina téma karéta api Indonésia, sarta mangrupa pamilon pangorana (13 taun) dina sayembara Wiki Sabanda. Ahmad Fauzi téh dina waktu diwawancara nétélakeun yén manéhna teu mibanda komputer atawa laptop, jeung ngan ukur ngagunakeun telepon sélulér pikeun nyunting di Wikipédia Basa Sunda.

Ieu tarékah téh miang tina upaya ‘ngahirupkeun deui’ komunitas Wikipédia Basa Sunda. Jumlah pamaké aktif (5 suntingan perbulan) di situs Wikipédia Basa Sunda saméméh sayembara ngan aya saurang, sabada dilaksanakeun sayembara undak jadi tujuh urang. Demi pamaké aktif pisan (100 suntingan perbulan) anu saméméhna euweuh, sabada sayembara jadi aya tilu urang.

Pamasrahan hadiah lumangsung dina poé Kemis, 24 Maret 2016 di Aula Perpustakaan Ajip Rosidi, Pusat Studi Sunda, Bandung, kalawan dijejeran ku tilu urang, nyaéta Siska Doviana (Ketua Umum Wikimedia Indonesia periode 2013-2015), Ruhaliah (Sekretaris Pusat Studi Sunda), jeung Ilham Nurwansah (Panitia Lomba Wiki Sabanda).

Siska Doviana ngutip kekecapan Nélson Mandéla anu nyebutkeun yén “Lamun Anjeun nyarita ka saurang jalma maké basa anu dipikaharti ku manéhna, kekecapan anjeun téh asup kana uteukna, tapi lamun Anjeung nyarita ka hiji jalma maké basa anu dipaké ku manéhna, kekecapan anjeun téh bakal asup kana haténa.” Pikeun urang Sunda, Basa Sunda téh basa kalbu, basa hate, jeung pentingna maké basa Sunda dina literatur tinulis, saperti Wikipédia Basa Sunda, mangrupa panaratas jeung usaha anyar dina widang téknologi jeung élmu pangaweruh. Saurang balad programer Siska kungsi nyarita, “Lamun Anjeun geus kungsi meunang surél spam atawa SMS iklan dina basa daérah, éta tandana hadé, yén éta basa téh bakal langgeng.” Ku kituna, Siska ngajakan ka balaréa lain pikeun nulis “spam”, tapi nulis di Wikipédia Basa Sunda.

Dina pedaran laporan lumangsungna sayembara, Ilham Nurwansah nétélakeun yén basa Sunda mibanda poténsi anu gedé pikeun digunakeun dina téks élmu pangaweruh umum, saperti dina widang téknologi, éksak, budaya jeung lian-lianna. Ieu hal téh katébong dina dipakéna basa Sunda dina kaca Wikipédia Basa Sunda. Sanajan kitu, kasadaran pikeun nulis artikel énsiklopédis dina Wikipédia téh karasa kurang pisan. Ku kituna, Wiki Sabanda digelar minangka tarékah pikeun ngarangsang jeung ngahirupkeun deui budaya nulis dina basa Sunda. Ngokolakeun Wikipédia ngaliwatan pergerakan komunitas téh kalintang pentingna, sabab iwal ti ngabagikeun pangaweruh pikeun masarakat umum, ogé minangka sarana pikeun ngahijikeun urang Sunda dina dunya maya.

Ruhaliah, dina pamapagna nétélakeun yén Wikipédia téh mangrupa salah sahiji média dina ngamumulé basa jeung budaya Sunda. Ku téknologi internét kiwari, rupa-rupa pangaruh dunya bisa asup kana basa jeung budaya Sunda kalawan gancang, sarta bisa ogé ngasupkeun basa jeung budaya Sunda kana dunya global. Ku maca jeung nulis dina Wikipédia hartina nyebarkeun Sunda ka dunya. Minat pamilon, anu umurna kawilang ngora kénéh, dina nuliskeun rupa-rupa pangaweruh dina basa Sunda, ngagambarkeun yén pangwarisan pangaweruh ka generasi ngora téh masih kénéh lumangsung. Ku kituna, ieu kagiatan téh dipiharep bisa tuluy lumangsung sarta ngaronjat, boh kualitas boh kuantitasna. Pusat Studi Sunda sadia dijadikeun tempat pikeun nyukcruk kasundaan, boh tina hal layanan perpustakaan boh pikeun jadi tempat diskusi jeung rupa-rupa pihak, komo deui jeung pihak Wikipédia. Ieu gawé bareng téh mangrupa léngkah munggaran anu bisa dijadikeun pamiangan dina ngawangun gawé bareng dina wangun séjénna. * Ilham N.

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *