Aksara Sunda dina Wanda Kaligrafi

ku Ilham Nurwansah
(Dimuat dina Mangle No. 2550, 5 November 2015)

KALIGRAFI atawa seni réka tulisan éndah téh ilahar dipaké dina aksara Arab atawa aksara Latén. Hususna dina wanda tulisan formal. Kamekaran kaligrafi téh kawilang geus lila pisan pikeun éta dua aksara mah. Ari pikeun aksara Sunda, katémbongna can pati mekar dina wanda kaligrafi. Di masarakat kiwari, aksara Sunda kakara dipaké nulis biasa atawa standar kalawan nyeplés nuturkeun wangun dasarna. Keun baé saheulaanana mah, lantaran perlu waktu pikeun ngamekarkeun wanda tulisan kaligrafi téh.

Di Arab kaligrafi nu ilahar disebut khat téh mangrupa salah sahiji cara pikeun ngawuwuhan unsur kaéndahan kana objékna. Iwal dipaké dina dokumén tinulis, réa kaligrafi anu dilarapkeun kana wangunan. Misalna baé dilarapkeun kana bagian-bagian masjid. Ornamén-ornamén masjid réa maké kaligrafi ayat-ayat Al-Qur’an. Kitu ogé saperti masjid-masjid anu aya di urang. Sigana asa teu afdol lamun masjid atawa mushola teu maké ornamén kaligrafi téh.

Kaligrafi aksara Arab nu ilahar dipaké téh réa wandana. Di antara wanda anu populér téh kufi, nabati, tsuluts jeung naskhi. Unggal wanda mibanda ciri séwang-séwangan nu béda. Tangtuna ieu wanda dumasar kamampuh imajinasi nu nyieunna anu konsistén. Kaligrafi aksara Arab kiwari réa diajarkeun di pasantrén, minangka subyék tambahan dina pangajaran nulis. Ieu pisan nu ngajadikeun kaligrafi Arab téh dipikawanoh ku masarakat.

Upama kaligrafi dilarapkeun kana aksara Sunda, payus pisan tangtuna ogé. Saenyana, kaéndahan wangun aksara Sunda téh bisa disalusur tina naskah-naskah. Sababaraha naskah mibanda wangun aksara anu éndah sarta rapih. Ieu hal tangtu mangrupa kamotékaran nu nulisna sangkan bisa nyieun wangun anu mibanda rasa seni anu luhur. Simkuring kataji ku salah sahiji naskah lontar koleksi kabuyutan Ciburuy nu mibanda wangun aksara éndah. Tulisanna konsistén. Digarapna tulatén jeung taliti. Antukna aksara nu dihasilkeun téh, iwal écés kabacana ogé sieup pisan katingalna.

Kaéndahan anu muncul tina rupa aksara nu dituliskeun téh gumantung kana rupa-rupa hal. Utamana mah mampuh maca-nulis. Iwal ti éta pangaweruh kana guratan ogé penting. Aksara Sunda buhun ditulis maké péso pangot anu tungtung congona nyungcung, seukeut pisan. Hasilna mangrupa wangun aksara nu mibanda gurat ipis jeung cenderung saragem. Béda pisan jeung aksara Arab atawa Aksara Latén anu mibanda wangun ipis kandel. Ari sababna nyaéta maké alat tulis nu béda.

Ipis kandelna gurat ditangtukeun ku congo alat tulisna. Pikeun aksara Arab jeung Latén biasana maké kalam atawa péna anu congona husus, sarta maké mangsi. Nurutkeun bukti nu aya mah, dina naskah Sunda ogé dipaké gaya ipis-kandel téh. Umumna kapanggih dina naskah nu bahanna tina gebang. Ngan aksarana leuwih ilahar maké aksara Buda/Gunung. Sanajan kitu, ieu mangrupa conto anu hadé minangka dadasar pikeun ngamekarkeun wangun-wangun kaligrafi aksara Sunda.

Pikeun aksara Sunda baku, kaligrafi bisa leuwih lega deui wangunna. Rupa-rupa alat tulis kiwari bisa dipilih pikeun ngahasilkeun gurat tulisan nu boga karakter has. Komo geus réa ogé pulpén atawa spidol anu husus pikeun nulis kaligrafi. Tangtuna éta hal mangrupa poténsi pikeun ngamekarkeun wanda-wanda kaligrafi aksara Sunda.

Poténsi pikeun ngalarapkeun aksara Sunda kana wanda kaligrafi téh kalintang legana. Sanajan ari dipaké sautuhna dina kahirupan sapopoé mah aksara Sunda téh sigana can bisa. Ngan sahenteuna bisa dipaké pikeun kaperluan husus. Misalna baé pikeun nulis sértifikat, suvenir, atawa karya kréatif séjénna.

Sangkan masarakat mikawanoh wanda kaligrafi aksara Sunda, perlu pangrojong ti réa pihak. Pikeun lingkungan atikan, sigana modél pangajaran kaligrafi nu ilahar dipaké di pasantrén bisa jadi conto. Ngan tangtu gumantung urangna. Naha aya karep ngamekarkeun kaligrafi aksara Sunda, atawa henteu? Upama aksara Sunda geus maneuh di masarakat, dipiharep pisan sangkan muncul wanda-wanda tulisan anu has. Komo lamun bisa nepi ka muncul rupa-rupa wanda, saperti halna dina kaligrafi Arab mah.

Panalungtik naskah Sunda, alumni prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Pascasarjana UPI

8 comments

  1. Aslkm. semoga sehat selalu dan berkah buat kang ilham,
    salam kenal kang,…saya andi ruswandi, saya kebetulan saat ini sedang menyusun sebuah tulisan mengenai aksara sunda, saya mau meminta ijin mengutip mengenai “panduan pengetikan font aksara sunda unicode”, untuk saya kutip di karya tulis saya kang,…semoga kang ilham berkenan untuk memberikan ijin kepada saya untuk mengutip tulisan kang ilham tsb, dan semoga apa yang menjadi hasil karya kang ilham menjadi nilai kebaikan sepanjang masa..dan selalu bermanfaat…

    Bandung, 17 Juli 2016
    waslm.. andi ruswandi

    1. Waalaikum salam. Terima kasih atas kunjungan kang Andi ke blog saya ini.
      Untuk pengutipan atau penyaduran tulisan saya diperbolehkan selama mencantumkan sumber asalnya sebagai rujukan. Silakan gunakan materi yang saya buat sesuai kebutuhan, dengan tetap memperhatikan kaidah pengutipan sumber. Untuk info lainnya tentang aksara Sunda baku, silakan kunjungi http://kairaga.com.

      Salam,
      Ilham N.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *