Dina matéri katilu ieu urang bakal ngabahas guguritan. Naon ari guguritan téh nya? Tah ieu aya hartos naon anu dimaksud guguritan téh numutkeun sababaraha sawangan anu dicutat ku Dr. Dingding Haerudin, M.Pd tina rupa-rupa sumber.
Guguritan kagolong kana karangan ugeran dina wangun puisi heubeul. Pangna disebut karangan ugeran lantaran kaiket ku Patokan anu tangtu, nya eta Patoka pupuh. Sawatara urang ahli netelakeun watesan ngeunaan guguritan. Yus Rusyana (1992:94) nyebutkeun yen guguritan nya eta karangan pondok anu disusun make patokan pupuh. Iskandarwassid dina Kamus Istilah sastra (1992:46) nyebutkeun yen guguritan teh nya eta karangan puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang.
Nurutkeun wangunanana, guguritan kaasup wangun ugeran, nya eta kauger ku patokan pupuh. Ku lantaran teu panjang tea biasana mah ukur ukur diwangun ku hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh cara dina wawacan, sarta ilaharna eusina henteu ngawujud carita (naratip). Dibacana biasana mah dihariringkeun make lalaguan anu geus matok keur pupuh eta. Atawa ngahaja jadi rumpaka dina pagelaran seni tembang Cianjuran. Dumasar kana hasil panalungtikan Yus Rusyana jeung Ami Raksanagara (1980) pupuh anu pangmindengna digunakeun dina guguritan teh nya eta (nungturun) asmarandana, dangdanggula, kinanti, jeung sinom. Hal ieu bias jadi aya patalina jeung kabeungharan variasi lagu keur pupuh eta, atawa jeung sipat lalaguanana.
Supados langkung jelas mah, urang tilikan heula conto ieu téks guguritan ieu di handap.
WULANG MURID
(R. Haji Muhammad Musa)Sinom
Ieu tembang pangajaran
Pilampaheun anak murid
Poma-poma masing yatna
Metakeun awak pribadi
Kudu cengeng nya piker
Nya diajar masing cucud
Ulah salah tarima
Nu asih dipulang sengit
Masing nyaah ka ibu sarta ka ramaKacida ngarep-ngarepna
Nu matak diperih ati
Diasupkeun ka iskola
Dipalar pinter jeung rajin
Sepuh teh moal sudi
Mun bijil teu mawa elmu
Lengoh taya kabisa
Rugi henteu meunang bati
Taya pisan kabalesna kasusahanSabot aya di iskola
Sepuh pirang-pirang rugi
Makayakeun awak urang
Sasat urang hutang asih
Kudu oge dipikir
Pigeusaneun urang naur
Nya eta pangmayarna
Ku wekel temen nya ngaji
Sepuh suka ningalikeun urang bisa
Guguritan Dilarapkeun kana Tembang
Guguritan teh henteu ngan saukur tiasa dibaca tulisanana wungkul, tapi oge tiasa dihaleuangkeun. Dihaleuangkeunna teh ku cara ditembangkeun. Tah ieu di handap aya video tembang Pupuh Kinanti.
[youtube https://www.youtube.com/watch?v=ujF08EK4X3Y&w=560&h=315]
Pupuh Magatru
[youtube https://www.youtube.com/watch?v=DHntFEANmwA&w=560&h=315]
GUGURITAN DINA MEDIA CITAK
Guguritan teh tiasa dipilari dina sababaraha sumber tinulis, saperti koran, majalah, sareng buku. Ieu di handap sababaraha terbitan teks guguritan anu tos medal. Supados urang langkung beunghar deui kana pangaweruh ngeunaan guguritan, tangtos saena mah kedah maca langsung teksna kalayan lengkep. Ieu di handap mangrupi buku kumpulan Guguritan karya Haji Hasan Mustapa anu dipedalkeun ku PT. Kiblat Buku Utama. ”’
DIAJAR NULIS GUGURITAN
Ayeuna hayu urang diajar nulis guguritan. Hese? Henteu hese. Gampil pisan atuh. Tapi urang kedah paham heula hal-hal dasar dina nulis guguritan. Ieu di handap dipedar hal-hal dasar dina nulis guguritan.
1. Aturan Pupuh
Dina awal ieu materi tos dijelaskeun yen guguritan teh carita anu ditulis make wangun hiji pupuh. Emut keneh pan pupuh? anu Budak Leutik Bisa Ngapung tea geuning…..
KINANTI
Budak leutik bisa ngapung
babaku ngapungna peuting
nguriling kakalayangan
neangan nu amis-amis
sarupaning bungbuahan
naon bae nu kapanggih.
Eta pupuh Kinanti di luhur ditulis nganggo aturan guru lagu sareng guru wilangan
a. Guru Lagu
Naon ari guru lagu teh?
Guru lagu teh nyaeta sora vokal (a,i,u,e,o) engang ahir dina unggal padalisan (baris). Cobi tingali dina padalisan kahiji pupuh di luhur,
Budak leutik bisa ngapung
Engang ahir dina padalisan kahiji nyaeta pung. Sora vokal dina eta engang nyaeta u. Ayeuna urang tingali padalisan kadua:
babaku ngapungna peuting
dina ieu padalisan kadua mah engang tungtungna nyaeta ting. Sora vokal dina ieu engang nyaeta i. Tah cobi tingali guru lagu dina padalisan sesana:
nguriling kakalayangan (a)
neangan nu amis-amis (i)
sarupaning bungbuahan (a)
naon bae nu kapanggih. (i)
b.Guru Wilangan
Cobi ayeuna titenan deui rumpaka dina padalisan kahiji.
bu-dak leu-tik bi-sa nga-pung
ieu padalisan teh diwangun ku 8 engang. Hartina guru wilanganana aya 8. Cobi tingali guru wilangan dina padalisan anu saterasna.
ba-ba-ku nga-pung-na peu-ting (8)
ngau-ri-ling ka-ka-la-ya-ngan (8)
ne-a-ngan nu a-mis – a-mis (8)
sa-ru-pa-ning bung-bu-ah-an (8)
na-on ba-e nu ka-pang-gih (8)
Tah, jadi guru lagu jeung guru wilangan dina pupuh Kinanti teh nyaeta: 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i
Tabel Guru Lagu & Guru Wilangan Pupuh
No. | Pupuh | Guru Lagu & Guru Wilangan | Video |
1 | Kinanti | 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i | tingali |
2 | Sinom | ||
3 | Asmarandana | ||
4 | Dangdanggula | ||
5 | Ladrang | ||
6 | Balakbak | ||
7 | Durma | ||
8 | Gambuh | ||
9 | Mijil | ||
10 | Jurudemung | ||
11 | Maskumambang | ||
12 | Magatru | ||
13 | Pucung | ||
14 | Wirangrong | ||
15 | Lambang | ||
16 | Pangkur | ||
17 |

Pemerhati sejarah dan budaya Cianjur, pembaca naskah Sunda kuno, pengulik musik tradisi. Pengguna setia Linux.